Kamis, 24 Mei 2012

Materi Bahasa Sunda


TATA WANGUN KECAP

11. Kecap asal (kata dasar) -> dahar.
22. Kecap randayan (kata berimbuhan) -> daharan.
33. Kecap rejekan (kata ulang).
a    - Dwi lingga (kecap asal diulang) -> sapu-sapu.
b    - Dwi purwa (engang kahiji diulang) -> sasapu.
c    - Trilingga (3 kecap diulang) -> dar der dor.
44. Kecap kantetan (kata majemuk) -> panon poè, kacamata.
55. Kecap wancahan (dipondokeun / dipendekan).
atuh da -> tu da                                  nènèng -> nèng
ceuk aing ogè -> ceuk aing gè             kasèp -> sèp
66. Kecap memet nyaèta kecap anu asalna tina hiji omongan tuluy di cokot sawatara enggangna nu dianggep penting. ( sukro, misro, combro, colenak).
Salaki -> salak sasiki
Cileuh -> kecil tapi geuleuh

KECAP ASAL

11. Jalma              6. Kolot           11. Sarè           16. Seuri
22. Budak            7. Loba            12. Luncat       17. Lumpat
33. Imah               8. Nyaho         13. Diuk          18. Tulis
44. Hareup           9. Dahar          14. Labuh        19. Tempo
55. Dulur              10. Ceurik       15. Datang      20. Sèpak

KECAP RUNDAYAN

Kanyahoan, tempoan, lobaan, tulisan, balageur, palinteur, diserat, pangnyeratkeun, daharan, sasarè, jalmana, careurik, diukan.

KECAP REJEKAN

1.      Dwi lingga :
Motor – motor, mobil – mobil, jalma – jalma, lumpat – lumpat, tulis – tulis, tempo – tempo, diuk – diuk, imah – imah, jalan – jalan, sapu – sapu.
2.      Dwi purwa :
Sasapu, jajalma,~


3.      Trilingga :
~dar-der-dor
~dat-dit-dut
TATAWANGUN KECAP

Wangun kecap aya 6 rupa, nyaèta :
1.      Kecap asal.                  4. Kecap kantetan.
2.      Kecap nundaya.          5. Kecap wancahan.
3.      Kecap rejekan.            6. Kecap memet.

1.      Kecap Asal
Nyaèta kecap nu teu acan diropa wangunanana. Atawa kecap weuteuh anu henteu dirarangkeun.
Contona : sangu, lumpat, bodas, jalma, kuda, dst.
2.      Kecap Rundaya
Nyaèta kecap anu make rarangkèn, kabèhna aya4 rupa :
a.      Rarangkèn hareup (prefiks) :
n, m, ny, ng, pa, pi, pang, sa, si, ti, ka, nang, ba, nyang, pra, pri, per, pada, para, silih, barang.
b.      Rarangèn Tengah (infiks) :
al, ar, um, in. conto : lumpat (al) -> lalumpat.
c.       Rarangèn Tukang (sufiks) :
an, eun, ing, keun, na, ning, a, i. conto : ukur (an) -> ukuran.
d.      Campuran (kombinasi)
1.      Prefiks jeung infiks :
Ba jeung al, ba jeung ar, di jeung al, ka jeung ar, mi jeung ar/al, pa jeung ar/al, pada jeung ar/al, pi jeung ar/al, ti jeung ar/al, ting jeung ar/al.
Contona : ba jeung al ( layar ) -> balayar.
2.      Prefiks jeung sufiks :
A jeung an, di jeung an, ka jeung an, nang jeung an, pa jeung an, mang jeung an, pi jeung an, sa jeung an, si jeung an, silih jeung an/pang, pada jeung eun, sa jeung eun/keun, di jeung keun, ka jeung keun.
3.      Infiks jeung sufiks :
ar/al jeung an/eun/keun, in jeung an.
Conto : ar jeung an (bikeun) -> barikeunan.
4.      Prefiks jeung infiks jeung sufiks (nunjukeun loba) :
Di + ar/al + an, di + ar/al + keun, ka + ar/al + keun, pang + eun + na, pang + ar/al + na.
Contona : pang + ar + na (beresih) -> pangberesihna.
5.      Simulfiks (afiks anu bareng jeung kecap asal).
Contona : pi jeung eun (bapa) -> pibapaeun.
Pang/mang jeung keung (gambar) -> panggambarkeun.
3.      Kecap Rejekan
a.      Dwi purwa
Dwi purwa asal kecapna tina dwi : dua : purwa : mimiti : hartina enggang nu mimiti. Diucapkeun 2x.
Conto : cabok -> cacobok, tajong -> tatajong.
b.      Dwi lingga
Dwi lingga nyaèta nu dirajek segemblengna kecap, aya anu robah, aya oge anu teu robah sorana. Nu teu robah suarana disebut dwi murni, nu robah sorana disebut dwi reka.
1.      Dwi murni, contona :
a.      Nuduhkuen loba : bangku – bangku, jalma – jalma.
b.      Rupa – rupa, saruna sifatnya : amit – amit, pait – pait.
2.      Dwi reka, contona :
a.      Nuduhkeun rupa – rupa : unak – anik, tulang – taleng.
b.      Nuduhkeun leuwih hiji : jul – jol, cug – ceg, sur – sor.
3.      Dwi sasana, contona :
Pudigdug, pudugdug, akikik, cakakak, dsb.

KECAP ASAL

1.      Jalma               6. Seuri
2.      Budak             7. Sarè
3.      Loba                8. Batur
4.      Dahar              9. Lumpat
5.      Tulis                10. Ceurik

KECAP RUNDAYAN

1.      Baturan           6. Ukuran       11. Lobaan
2.      Diluhur             7. Ngabaca      12. Diukan
3.      Tulisan             8. Kasapu        13. Daratang
4.      Katajong         9. Sabodas       14. Paratamu
5.      Lalumpat         10. Labuhan    15. Coretan

DWI MURNI

1.      Jalma – jalma               6. Manis – manis
2.      Meja – meja                 7. Piker – piker
3.      Sapu – sapu                 8. Siku – siku
4.      Nini – nini                   9. Kuda – kuda
5.      Amis – amis                10. Pait – pait

DWI REKA

1.      Unak – unik                6. Bulak – balik          11. Tulas – tulis
2.      Sur – sor                      7. Gurang – goring      12. Gunta – ganti
3.      Jul –jol                         8. Tulang – taleng      13. Tual – toel
4.      Curat – coret               9. Cug – ceg                14. Geura – geuri
5.      Seura – seuri                10. Kucap – kiceup     15. Geulas – geulis


DWI SASANA

1.      Pudugdug       6. Cekikik
2.      Celeketeuk        7. Pudigdug
3.      Bulukusumuk  8. Wakakak
4.      Bulukuduk        9. Cikikik
5.      Cekakak          10. Cakokok

KANTETAN

1.      Panon peè                      6. Kacang ijo
2.      Kaca panon                 7. Baju koko
3.      Sapu tangan                8. Jam tangan
4.      Buku tulis                      9. Calana pendek
5.      Kacang panjang          10. Mèja ijo

DWI PURWA

1.      Cacobok          6. Sesepak       11. Jajalma
2.      Tatajong            7. Cocokot    12. Dadahar
3.      Sasapu             8. Babalik        13. Luluncat
4.      Tutulis             9. Kakasep     14. Babajuan
5.      Cocorèt           10. Bèbèja       15. Babaturan

TRILINGGA

1.      Crang-creng-crong      6. Has-hes-hos
2.      Bag-big-bug                7. Brat-bret-brot
3.      Dar-der-dor                 8. Lang-ling-lung
4.      Crat-cret-crot              9. Hah-heh-hoh
5.      Dag-dig-dug               10. Tang-ting-tung

WANCAHAN

1.      Geulis -> lis                 6. Tètèh -> tèh
2.      Kasèp -> sèp               7. Abah -> bah
3.      Nènèng -> nèng          8. Umi -> mi
4.      Ujang -> jang              9. Aki -> ki
5.      Mamang -> mang        10. Nini -> ni

KECAP MEMET

1.      Cireng -> aci digoreng                        6. Cilok -> aci dicolok
2.      Cimol -> aci dimolek              7. Combro -> oncom dijero
3.      Psicok -> pisang coklat           8. Colenak -> dicocol enak
4.      Sukro -> su’uk dijero              9. Misro -> amis dijero
5.      Nasgor -> nasi digoreng          10. Cilung -> aci digulung

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar